Selasa, 25 Maret 2014

postingan nu rarame

ieu salah postingan nu rame hungkul 

Fazrin: kang, kopi...kopi hideung
Dagang: sabaraha hiji?
Fazrin: hiji wéh, kang
Dagang: atos waé? (bari ngasongkeun kopi)
Fazrin: ditinyuh, kang...
Dagang: oh...sakedap! ... sakumaha caina?
Fazrin: tos cekap sakitu wéh!
Dagang: mangga...
Fazrin: punten, kang...ieu artosna
Dagang: gaduh sarébu? janten ti abdi opatrébu
Fazrin: euu...teu aya, kang. ah sarébuna kanu ieukeun wéh. sabarahaan ieu?
Dagang: limaratusan.
Fazrin: ieu wéh dua. nuhun, kang!
Dagang: sami-sami. puntenya!
Fazrin: teu sawios, kang.

Sabtu, 01 Maret 2014

Buku Tarucing Garing Katiga



Tarucing Garing Katiga téh geus méréskeun buku kumpulan tatarucingan garingna. Penerbit anu medalkeunana nya éta Wisata Literasi.
Tatarucingan anu dilebetkeun kana buku téh ditulis tanpa ngahapus nami (anggota) nu ngaposting dina Group Tatarucingan K3.

Bulan maret bukuna tos tiasa digaleuh. Anu hoyong tiasa ngahubungi admin fb 'Group Tatarucingan K3', atanapi admin twitter @tarucinggaring.

Ayeuna. Tanggal 1 Maret 2014, lima urang admin keur muru ka Landmark. Hayang ningali bukuna dijual :)