Tatarucingan Bobodoran Sunda
Tatarucingan Bobodoran Sunda - Tarucing atau Tatarucingan di tatar Sunda sudah menjadi budaya. Entah dari mana asalnya. Sebab asal-muasal budaya memang sulit untuk ditentukan. Merujuk pada kamus Sunda R.A. Danadibrata, Tatarucingan berasal kata dari kata “turut cing”. Kata ini sama konteksnya dengan, “coba tebak”. Arti kata tersebut adalah rentetan obrolan yang harus dicari maksudnya. Dari kata inilah kemudian muncul kata turucing, kemudian tarucing. Tatarucingan itu sendiri berarti permainan mengolah bahasa untuk mengeluarkan berbagai tarucing.
Contoh di Sunda itu seperti ini.
“Budak leutik, ngambay peujit. Naon cing?” (anak kecil, ususnya terburai. Apa coba?”
Jawabannya : “Jarum kaput”
Kumpulan video bobodoran tarucing sunda jaman ayeuna nu anyar meunang Tarucing Garing.
Tong hilap, tatarucingan sunda jeung jawabana aya oge dihandap.
Ngahaturkeun Video-video Tatarucingana:
Bilih bade ninggal video nu sejena mangga cek langsung di Channel Tarucing Youtube :
Arsip Tatarucingan Panineungan
- Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
- Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
- Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
- Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
- Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
- Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
- kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
- Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
- Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
- Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
- Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
- Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
- Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
- Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
- Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
- Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
- Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
- Palu naon anu bisa pidato? (Pa Lurah)
- Akar di luhur, pucuk di handap. (Janggot)
- Asup tarik kaluar laun. (Leho)
- Bisa turun teu bisa naek. (Hujan)
- Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja. (Ganas)
- Budak dugul loba kutu. (Onde-onde)
- Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum. (seupah)
- Dicabak aya dilieuk euweuh. (Ceuli)
- Dicukur buluan, teu dicukur dugul. (Kadongdong)
- Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh. (Rebab)
- Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh. (Kuda)
- Ditakol nyendol teu ditakol nyendol. (Goong)
- Diudag lumpat didagoan cicing. (Kalangkang)
- Gunung bitu, bandera kekelebetan. (Nu keur ngakeul sangu)
- Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku. (Langlayangan)
- Indungna cicing anakna ancul-anculan. (Lisung jeung halu)
- Nangkub dieusi nangkarak kosong. (Kopeah)
- Oray hejo panonna loba. (Peuteuy)
- Samak saheulay, lampuna mangrebu-rebu. (Langit)
- Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara. (Toge)
- Hayam naon anu sukuna sarebu? (Hayam keur pawey)
- Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
- Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
- Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
- Bangku naon anu bisa didahar? (Bangkuang)
- Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar,sakali nyebut! (Rujak)
- Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
- Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)
- Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat? (Aki-aki make iteuk jeung kacamata)
- Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet. (Cau)
- Hayam naon anu sukuna hiji? (Hayam nu keur jengke)
- Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. (Kareta api)
- Gajah tumpak beca, gede naonna? (Gede bohongna)
- Baso dibalikkeun jadi naon? (Bahe)
- Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan. (Sireum make helm)
- Nini-nini bongkok kumaha sarena? (Peureum)
- Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? (Piring bolong)
- Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? (Manuk anu katincak)
- Naon sababna ban mobil tina karet? (Mun tina coklat pasti digembrong)
- Sapi naon anu bau? (Sapiteng)
- Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? (Piringatan 17 Agustus)
Isi Konten Channel:
Tatarucingan Sunda Bodor Pisan, Bobodoran Sunda Bodor Pisan (Ironi, hehe) dan sajabana.
Tidak ada komentar :
Posting Komentar