Rabu, 25 Juni 2014

Tarucing Garing Tribute Bodoran to Kang Ibing



Rampog
Kacaritakeun aya hiji jalma anu biasa mawa duit ka kota, di tengah jalan éta jalma téh dipegat ku rampog. Éta kubisa-bisana, manéhna nenangkeun diri. Manéhna ngomong, “Rék naon maranéh kikieuan? Marawa bedog, marukan aing sieun?”
Réngréngan rampog ngagebeg. “Sok kadék!” ceuk si nu mawa duit téh. Rampog malundur sieuneun.
"Sok kadék! Teu wani ti hareup, sok nukang!" rampog kabéh nukangan. Saenggeus rampog-rampog narukangan, nya atuh jalma nu mawa duit teh kabur.
“Bodor rampog téh ich..”

Jawara
Di hiji jambatan aya dua jawara paamprok. Di tengah-tengah jambatan, maranéhna jiga nu rék ribut (gelut).
Jawara 1: Manéh apal ieu naon?

Jawara2: Bedog! (Bari langsung ngaluarkeun batu asahan)
Jawara2: Rék ngasah?

Jawara 1: Sabaraha?

Jawara2: Gocéng!

Jawara 1: Sok.

Saenggeus bedog si Jawara1 bérés diasah, dua jawara tuluy ngaraléos.
Jawara1: nuhun euy…!

Jawara2 : Sawangsulna......


***
Ditulis ku
Givani Cursedname 
jeung Utom Aep)

Diédit ku
Andi Gita Lesmana

Didukung ku
Tim tarucing garing.


Minggu, 22 Juni 2014

Postingan TarucingGaring

Dasar urang amerika mah teu nyaho terima kasih, nyaho na oge thank you
  • Guns Messi menyukai ini.
  • Fazrin Nashrullah urang sunda ge da saruana teu nyaho terimakasih...nyahona haturnuhun.
  • Givani Cursedname urang jawa teu nyaho terima kasih deuih, nyahona thank you. apan kampung inggris
  • Nana Rohana urang jawa nya kitu keneh, apalna matur suwun
  • Andi Gita Lesmana dasar orang planet seiya, nyahona genkidama
  • Arif Ayih Abdilah lamun aya nu ngucapkeun 'terima kasih' pangpangna awewe nu ngomongna urang wajib mgajawab 'kasihmu sawa terima' omat ulah dijawab ku kembali kasih ataw dijawab ku sama2.
  • Givani Cursedname Sugan teh kasigan deh eloh
    *gaya kieu euy typo, touchscreen maklum