Ti Iraha Prawéding Ayana?
Carpon Arif Abdilah
Sebut waé tokohna téh Jang Utom. Jang Utom nu mana nya? Ah
kateuing éta mah, nu sidik kabéh awéwé jeung lalaki pada apal ka Jang Utom.
Jang Utom téh di lemburna katelah playboy
cap kabel (aya kitu? Baé ah). Kabogohna téh méh unggal péngkolan jalan aya. Di
lemburna baé, kabogohna téh aya sapuluh—da aya sapuluh péngkolan—di péngkolan
jalan nu rék ka imahna, aya Néng Riska. Dipéngkolan nu rék ka masigit aya Néng
Mumun. Dipéngkolan nu rék ka warung Ma Iyoh, aya Néng Salsa. Ah, répot
nyebutatana, acan di péngkolan nu aya di lembur batur. Teuing sabara péngkolan
jeung sabaraha awéwé kabogohna. Puguh lieur ngitungna!
Budakna mah teu kasep ieuh, malah jajauheun. Tapi ku teu
ngartina, réa nu hayangeun jadi kabogohna. Cara Néng Yuni di péngkolan nu rék
ka walungan. Apan Néng Yuni téh awéwé panggeulisna salembur, tapi bet ku ahéng
daék ka Jang Utom. Atawa cara Néng Siska, awéwé pangbeungharna, bet daék ka
Jang Utom anu kuru cileuhan. Kitu deui Néng Munawaroh, pangbageurna, bet
dadaékan ka Jang Utom. Kabéhdieunakeun kakara kanyahoan, yén réa awéwé nu daék
téh, lain enya bogoh, tapi lantaran awéwéna baé anu keur galau néangan lalaki nu ukur aya.
Enya awéwé nu daék ka Jang Utom téh, kabéhanana ogé awéwé nu
anyar diputuskeun ku lalaki séjén, tuluy jomlo, aya Jang Utom nyampeurkeun,
tamba keueung meureunana, nya geus wé nu aya. Ukur keur nyumponan sarat boga
kabogoh wé. Tuda ari geus aya lalaki séjén nu leuwih kasép deui jeung daékeun,
Jang Utom téh langsung diputuskeun. Cara Néng Déwi nu aya dipéngkolan nu rék ka
pos ronda. Apan jadian jeung Jang Utom téh ukur sapoé, da poé isukna téh
langsung diputuskeun deui, pedah aya Jang Jipi, nu leuwih kasép jeung bogoheun.
Ari Jang Utom, gumbira wé nu aya najan bobogohan ukur
sapoé, tapi nu penting mah manéhna kungsi bobogohan ka Néng Déwi, ah nya teu
sawios wé putus gé. Puguh Jang Utom mah teu ngarasa dikakaya, teu ngarasa
dinyenyeri. Cék pikirna ogé.
"Keun da awéwé mah réa ieuh, moal burung aya nu
diputuskeun deui, tuluy daékeun deui ka uing."
Tapi hiji mangsa mah kabogoh Jang Utom téh ukur dua deui.
Néng Sarah nu aya dipéngkolan rék ka gardu listrik jeung Néng Euis, di
péngkolan nu rék ka kebon. Ari awéwé nu séjénna ka mana? Puguh nya éta, cék
tadi gé bobogohan ka Jang Utom téh ukur tamba henteu, da ari geus aya nu puguh
kasép mah nya Jang Utom téh ditinggalkeun baé. Cul-kelalur istilahna mah.
Tapi kaayaan kitu téh, aya barokahna. Jang Utom jadi
lalaki nu satia kaduanana. Tayohna mah réa waktu keur nalingakeun Néng Sarah
jeung Néng Euis. Apélna gé teu pabaliut cara saméméhna. Kitu deui urusan kanyaah,
da tungtungna mah kanyaah Jang Utom téh tumplek kabéh kaduanana. Teu cara saméméhna,
kanyaahna dibabagi keur réaan. Ayeuna mah éstu salawasna keur duaan. Cara mun
Néng Sarah butuh cai, Jang Utom nu nimbana atawa mun Néng Euis butuh hui di
kebonna, Jang Utom nu ngalana. Mun Néng Sarah hayang dianteur ka pasar, kantun
és-ém-és, Jang Utom siap di hareupeun imahna. Mun Néng Euis butuh pupuk di
pasar, Jang Utom nu meulina. Tepi ka bubuk leutik nu dibutuhkeun ku duanana ku
Jang Utom mah dicumponan. Rék éta nu jauh atawa nu deukeut, rék nu babari atawa
nu hésé, Jang Utom saged nulungan. Nu penting mah hiji paméntana, ulah nepi ka
diputuskeun ku duanana.
Nepi ka hiji mangsa, basa manéhna keur ngudud sabot
és-ém-ésan jeung duanana, aya dua lalaki datang ka Imahna, laju mawa korék
jeung surat uleman. Prak dibikeun ka manéhna. Harita Jang Utom gadadak ngarénjag.
Ana dibaca korék nu dibikeun ka manéhna téh bet aya tulisan:
Assalamu
‘alaikum Wr. Wb.
Dihaturanan
bapa/ibu
sumping di
acara nikahna
Néng Sarah
jeung Jang Utis
Salasa, 27
Januari 2016
Wassalamu
‘alaikum Wr. Wb.
Ibu
Sumi/Bapa Daup
Ambekan Jang Utom ngadadak seseg, ras ka nu hiji deuina.
Ana bréh dibuka, bet aya poto Néng Eusi keur gogonjakan jeung Jang Fajrin di
kebonna. Ambekanana beuki ngangseg, semu ambek. Ceg kana korék ti Néng Sarah.
Cekrés, undangan nu aya potona diduruk ku manéhna. Jang Utom laju ngudud deui
maké korék ti Néng Sarah.