Rabu, 21 Januari 2015

Ti Iraha Prawéding Ayana?


Ti Iraha Prawéding Ayana?
Carpon Arif Abdilah


Sebut waé tokohna téh Jang Utom. Jang Utom nu mana nya? Ah kateuing éta mah, nu sidik kabéh awéwé jeung lalaki pada apal ka Jang Utom. Jang Utom téh di lemburna katelah playboy cap kabel (aya kitu? Baé ah). Kabogohna téh méh unggal péngkolan jalan aya. Di lemburna baé, kabogohna téh aya sapuluh—da aya sapuluh péngkolan—di péngkolan jalan nu rék ka imahna, aya Néng Riska. Dipéngkolan nu rék ka masigit aya Néng Mumun. Dipéngkolan nu rék ka warung Ma Iyoh, aya Néng Salsa. Ah, répot nyebutatana, acan di péngkolan nu aya di lembur batur. Teuing sabara péngkolan jeung sabaraha awéwé kabogohna. Puguh lieur ngitungna!
Budakna mah teu kasep ieuh, malah jajauheun. Tapi ku teu ngartina, réa nu hayangeun jadi kabogohna. Cara Néng Yuni di péngkolan nu rék ka walungan. Apan Néng Yuni téh awéwé panggeulisna salembur, tapi bet ku ahéng daék ka Jang Utom. Atawa cara Néng Siska, awéwé pangbeungharna, bet daék ka Jang Utom anu kuru cileuhan. Kitu deui Néng Munawaroh, pangbageurna, bet dadaékan ka Jang Utom. Kabéhdieunakeun kakara kanyahoan, yén réa awéwé nu daék téh, lain enya bogoh, tapi lantaran awéwéna baé anu keur galau néangan lalaki nu ukur aya.
Enya awéwé nu daék ka Jang Utom téh, kabéhanana ogé awéwé nu anyar diputuskeun ku lalaki séjén, tuluy jomlo, aya Jang Utom nyampeurkeun, tamba keueung meureunana, nya geus wé nu aya. Ukur keur nyumponan sarat boga kabogoh wé. Tuda ari geus aya lalaki séjén nu leuwih kasép deui jeung daékeun, Jang Utom téh langsung diputuskeun. Cara Néng Déwi nu aya dipéngkolan nu rék ka pos ronda. Apan jadian jeung Jang Utom téh ukur sapoé, da poé isukna téh langsung diputuskeun deui, pedah aya Jang Jipi, nu leuwih kasép jeung bogoheun.
Ari Jang Utom, gumbira wé nu aya najan bobogohan ukur sapoé, tapi nu penting mah manéhna kungsi bobogohan ka Néng Déwi, ah nya teu sawios wé putus gé. Puguh Jang Utom mah teu ngarasa dikakaya, teu ngarasa dinyenyeri. Cék pikirna ogé.
"Keun da awéwé mah réa ieuh, moal burung aya nu diputuskeun deui, tuluy daékeun deui ka uing."
Tapi hiji mangsa mah kabogoh Jang Utom téh ukur dua deui. Néng Sarah nu aya dipéngkolan rék ka gardu listrik jeung Néng Euis, di péngkolan nu rék ka kebon. Ari awéwé nu séjénna ka mana? Puguh nya éta, cék tadi gé bobogohan ka Jang Utom téh ukur tamba henteu, da ari geus aya nu puguh kasép mah nya Jang Utom téh ditinggalkeun baé. Cul-kelalur istilahna mah.
Tapi kaayaan kitu téh, aya barokahna. Jang Utom jadi lalaki nu satia kaduanana. Tayohna mah réa waktu keur nalingakeun Néng Sarah jeung Néng Euis. Apélna gé teu pabaliut cara saméméhna. Kitu deui urusan kanyaah, da tungtungna mah kanyaah Jang Utom téh tumplek kabéh kaduanana. Teu cara saméméhna, kanyaahna dibabagi keur réaan. Ayeuna mah éstu salawasna keur duaan. Cara mun Néng Sarah butuh cai, Jang Utom nu nimbana atawa mun Néng Euis butuh hui di kebonna, Jang Utom nu ngalana. Mun Néng Sarah hayang dianteur ka pasar, kantun és-ém-és, Jang Utom siap di hareupeun imahna. Mun Néng Euis butuh pupuk di pasar, Jang Utom nu meulina. Tepi ka bubuk leutik nu dibutuhkeun ku duanana ku Jang Utom mah dicumponan. Rék éta nu jauh atawa nu deukeut, rék nu babari atawa nu hésé, Jang Utom saged nulungan. Nu penting mah hiji paméntana, ulah nepi ka diputuskeun ku duanana.
Nepi ka hiji mangsa, basa manéhna keur ngudud sabot és-ém-ésan jeung duanana, aya dua lalaki datang ka Imahna, laju mawa korék jeung surat uleman. Prak dibikeun ka manéhna. Harita Jang Utom gadadak ngarénjag. Ana dibaca korék nu dibikeun ka manéhna téh bet aya tulisan:
Assalamu ‘alaikum Wr. Wb.
Dihaturanan bapa/ibu
sumping di acara nikahna
Néng Sarah jeung Jang Utis
Salasa, 27 Januari 2016
Wassalamu ‘alaikum Wr. Wb.
Ibu Sumi/Bapa Daup
Ambekan Jang Utom ngadadak seseg, ras ka nu hiji deuina. Ana bréh dibuka, bet aya poto Néng Eusi keur gogonjakan jeung Jang Fajrin di kebonna. Ambekanana beuki ngangseg, semu ambek. Ceg kana korék ti Néng Sarah. Cekrés, undangan nu aya potona diduruk ku manéhna. Jang Utom laju ngudud deui maké korék ti Néng Sarah.

Tidak ada komentar :

Posting Komentar