Rabu, 16 April 2014

TARUCING GARING NGABAJAK ACARA GEOGRAFI UPI


Tarucing garing tampil di acara Inagurasi Geografi. Lumangsung poé Senén, 14 April 2014, tabuh 19.26 waktu Indonésia bagian barudak. Éta acara téh diayakeun ku barudak Geografi UPI angkatan 2013.

1. Tahap Saméméh Tampil
Dina obrolan ondangan (ngondangna secara lisan), tarucing Garing téh dipénta (ditawaran) pikeun jadi bintang tamu alias Guéstar. tapi sadérék Rizki (jelema nu ngondang Tarucing Garing) teu ngonfirmasi ngaran “komunitas” barudak Tarucing Garing, alhasil dina publikasi ngaran anu dipaké nya éta “Tatarucingan” hungkul.

2. Tahap Rapat Persiapan Tampil
Barudak Tarucing garing nu hadir ngarasa keuheul ngaran nu dipaké kalah ka “Tatarucingan”, terlalu umum gituloh!!! Nepi ka tungtungna sepakat pikeun ngagaringkeun acara Inagurasi Geografi nu rék disinghareupan (padahal mah mémang rék ngagaring). Konsép utama penampilan harita nya éta “Tarucing Garing Ngabajak Acara Inagurasi Geografi”.

3. Tahap Penampilan
Sabada MC alias Master Of Ceremony manggil Tarucing Garing, acara lumangsung saperti nu rék disebutan hiji-hiji di handap ieu:
1) Mukodas maju; kabagian mukodimah sabab ngaranna Mukodas.
2) Utom Aép maju; sambutan ti pendiri Group Tatarucingan K3.
Eusi sambutanna nya éta:
- Salam bubuka: Assalamualaikum,
- Eusi: Wilujeng nyakseni,
- Salam panutup: Wassalam.
3) Nana ‘nu mana’ Rohana maju; conto Tarucing Garing yang baik dan benar.
- Contona nya éta “wajit naon nu dikaluarkeun ku pemerintah? *wajit belajar sembilan taun.”
4) Jang Andi maju; déklamasi puisi Tarucing Garing nu judulna ‘Hideung’.
5) Gumelar maju; monolog garing nu judulna ‘Monolog’.
6) Mang Utiss maju; mingpin Bétel Tarucing Garing.
-ngadudut penonton (dipilih ku jang Andi, nu dipilihna penonton awéwé anu geulis :D)
7) Pembacaan ngeunahna UN (tapi teuing ku saha, poho deui).
8) Mukodas mingpin deui acara, manggil bintang tamu, bintang tamuna nya éta MC acara Inagurasi Geografi 2013.


Pengisi Acara jeung Kru
Mukodas (MC)
Utom Aép
Nana ‘nu mana’
Andi
Gumelar
Mang Utiss
Rino (tukang poto)
Oky (tukangeun Rino)
Dwiki (tukangeun Oky)
Barudak Geografi (Bintang tamu, Penonton, Sponsor, dll)

*Dilaporkeun ku Jang Andi

Tidak ada komentar :

Posting Komentar