Minggu, 27 April 2014

TIPS GARING MAÉN FLAPPY BIRD by Tarucing Garing

TIPS GARING MAÉN FLAPPY BIRD
By Tarucing Garing



1. Sadérék kedah gaduh heula hapé pinter kayaning android, windowsphone, atanapi iphone.
Saupami teu gaduh, kénging nambut heula ka kawawuhan sadérék.
Dipahing pisan maén Flappy Bird dina hapé kénging maok. Sabab maok téh dosa. Maén Flappy Bird-na mah henteu.

2. Upami hapéna tos aya, mangga jalankeun aplikasi game Flappy Bird-na. Bilih teu acan gaduh gamena, sadérék kedah nginstalkeun heula apk-na. Cara nginstalkeunna aya dina google.

3. Upami game Flappy Bird-na tos siap dianggo, pencét atanapi "tap" bagian layar hapé anu ditengahna aya segitilu pulas héjo.

4. Saupami tos mencét atanapi nga"tap" bagian layar hapé anu ditengahna aya segitilu pulas héjo, layar bakal robih gambar. Dina layar bakal aya gambar nu tiasa dibayang-bayang sapertos manuk (padahal henteu) ancul-anculan. Payuneun nu ancul-anculan éta aya panah ka katuhu ditulisan "tap", aya gambar curuk nuduhkeun gambar nu tiasa dianggap manuk di luhur, teras aya gambar panah ka kénca nu ditulisan "tap" ogé.
Hartosna, saupami sadérék mencét layar, eta nu disebut jiga manuk téh bakal ngancul.

5. "Tap" nu mimiti mangrupa start permainan Flappy Bird. Pami tos di"tap", hartina sadérék tos kedah waspada.

6. Dina permainana, nu dianggap manuk teh kedah moncor kana lawang antara liang hong jeung liang hong nu vértikal.

7. Pami hoyong meunang, sadérék teu kénging tidagor atanapi ragrag.

8. Pami tidagor atanapi ragrag, sadérék game over, hartina hapéna kedah dioverkeun ka réréncangan sadérék nu nungguan ti tadi.

9. Pami sadérék alim game over, saéna mah mending tong maén Flappy Bird.

10. Mung sakitu tips garing maén Flappy Bird téh.

-ditulis ku Jang Andi

#flappybird #flappy #bird #tips #trick #cheat #crack #hakan haha

2 komentar :